IKET NUMUTKEUN SIM KURING
Iket pikeun meungkeut kagorengan, kasombongan, jeung niat kalakuan anu teu hade sangkan muncul silih asih silih asah jeng silih asuh. Iket panutup mastaka nu gaduh arti budaya nu tiasa ninggalkeun ciri has perorangan sareng daerah nu tiasa dianggo ku sakabeh masyarakat nu gaduh nilai positif. Iket sarua jeung harga diri sabab dipasang dina sirah, sok sanajan hargana murah tetep merenah dinas sirah, moal sambarangan jalma bisa ngajamah, rupa atanapi bentuk iket aya opat juru nu ngandung siloka dina diri urang aya opat unsur nyaeta cai, angin, seuneu jeung taneuh.
Iket pikeun nyengker akal pikiran jeung kalakuan sangkan hirup masagi anu ngandung harti eta tekad ucap jeung lampah teu pasula teu leupas tina galur para leluhur, teu boga rumasa aing pangpunjulna, rasa aing pangpinterna sagala nafsu anu matak ngabalukarkeun karugian kabeh diparekos.
Hal ieu dumasar kana kasauran sepuh anu bentukna pasagi kalawan ningal kana kahirupan sepuh kapungkur anu hirupna sok ngautamakeun tali silaturahmi silih ragangan silih ajenan teu paduli taneuh sameter ceuk paripaosna ari pikeun kahadean salembur mah teu lebar dibebaskeun. Urang hirupkeun deui kabiasaan hade sepuh kapungkur anu teu weleh someah kasasama sok sanajan teu wawuh tapi teu weleh silih ajenan ngajaga tatali wargi.
Kumargi sim kuring mah kirang masagi perkawis iket, mung ukur tiasa meulitkeunana wungkul, iket sanaos meulit dina mastaka urang namung saleresna mangrupi hiji symbol pameungkeut hate pikiran sareng nafsu supados teu lepat panujuna, ngangge iket hartosna parantos siap lahir sareng bathin, eta filosofina mah, tapi jujur sim kuring teu patos ngartos naon ari filosofi teh mung numutkeun pamendak sim kuring mah dina bentuk opat juruna kuayana hias motifna nepi tilep ditilepna tug dumugi kadipakena aya gambaran langkah hirup jelema sareng prinsip hirupna mana anu bakal dicokot, ku iket kasilokakeun pisan kumaha hasil akhirna.
Diiket, diiket…! Malar sabeungkeutan sahaluan sauyunan babarengan, nya palebah ngaco notorogan mah prak teh teuing hare-hare sewang-sewangan we, dewek kuma dewek didinya kuma Ilaing. Iket dianggo dina mastaka ngandung gambaran yen dina mastaka teh aya akal pikiran dina sajeroeunana, akal jeung pikiran anu bisa ngabedakeun nu bener jeung nu salah matak ditutupan ku iket pikeun ngajaga pikiran jeung akal supaya teu ngaler teu ngidul ngulon jeung ngetan, supaya panceg dina galur ajeg ngadeg dina udeg-udeg, iket aya opat juru ditengahna aya pasagi deui, cai seuneu angin jeung taneuh pasagi nu ditengah nyaeta perlambang diri nu kudu ngajaga kasaimbangan alam.
Iket nu bentukan pasagi perlambang manusa kudu bisa hirup masagi sagala bisa hirup mandiri teu gumantung ka batur mun bias mah batur nu sina gumantung ka urang.
Naha disebut Iket..? sanaos aya sebutan nu lain sapertos totopong dll, tapi umumna mah disebut iket, naha bet iket? Asal kecapna mah meuruen kecap ngiket anu fungsina pikeun ngahijikeun ngaraketkeun, kumakena iket kedahna tiasa ngahijikeun, ngadeukeutkeun ngaraketkeun naon anu dihijikeun direketkeunana? Nyaeta duduluran babaryaan tea anu antukna disebut silaturahmi ku agama islam mah.
Sakitu nu kapihatur, salam baktos ti simkuring, Payasa Mumunggang Ds. Ciranjeng Kab. majalengka