Kahayang nu can kasorang
Kang Oman nu kasép, nu tangtuna geus
pangalaman meruhkeun hate awéwé. Tong waka ku dunyana, dalah ukur ku usapan ramona
nu pinuh geter rasa, awak asa kokoléaban kabawa caah. Kabandang kana sagara nu
asa karek ayeuna kaanjangan. Cimata saat, kalangkang Ema, Bapa jeung si Inok si bungsu samar-samar tinghayungkung dina reup
brayna lampu kamar. Peuting nu panas jeung peteng na haté kuring, dengdem jeung
kanyeri nyamuni dina rénghap nu beurat... pegat-pegat. Tapi peuting tadi can
sampurna.
Panonna nu liuh, kana biwirna nu ngarenyu.
Dikeukeupan, dirungrum, diajak ngapung ngawang-ngawang ku manéhna tadi peuting,
diusapan buuk basa keur nyegruk ceurik, disimbutan basa morongkol katirisan ku
hawa AC. Asa manggih rasa nu matak ting sérédét. Kanyaah téa kitu? Atawa mémang
kabiasaanana keur nyombo jeung ngawurkeun léléwa asmara sageprakan? Boa kuring
jol bogoh? Love at the first sight? Enya kitu? Bogoh pédah beunghar... pédah
kasép, atawa pédah geus sanggup ngahéabkeun sakujur awak ku motahna galura
birahi? Da geuningan ayeuna hayang, manéhna aya manehna nyampak hareupeun kuring, ulah kaluar ti ieu kamar.
Hayang dirungrum, hayang nyacapkeun nu tadi peuting can sampurna.... Lat poho
mun kamari hayang balik, padahal nu mesen lotek mah geus ngagimbung hareupeun warung.. (hatur lumayan muyarkeun panglamunan)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar