Selasa, 29 Oktober 2013

Kadeudeuh nu meungkeut pageuh kagagas nu ngahudang waas



DIRI NU NGARASA NYERI RAGA NU NGARASA SANGSARA

Awak asa hampang ngoléang, teu napak kana titincakan. Saliwatan kasusah asa leupas tina pikiran, bangbaluh asa jauh ninggalkeun kalbu, tapi haté mah angger keketegan. Naha bener geus anggeus ieu karudet? Naha nyaan geus pungkas ieu kasusah? Ah, dipikir – pikir kalah beuki rungsing, mending sumerah kana sagala hal nu bakal karandapan, buah tina pamolah sorangan. Kari geletuk batuna kecebur caina, kumaha béhna waé. Ibarat jamparing anu ngabelesat ninggalkeun gondéwa, hamo bisa mulang deui. Sagala lampah anu geus kasorang, hamo bisa dibalikkan deui.
Katémbong raga anu ngajepat di kamar, nangkarak jadi bangkarak teu walakaya da puguh geus teu nyawaan. Gigireun leungeun katuhu nyampak gelas, urut nguyup racun nu mupus ratugna jajantung. Racun nu dipénta tulung nundung kabingung dina pipikiran anu matak nalangsa. Baruang anu dipinang saraya nyinglar aral subaha `nu ngaraja kana manah nandasa harepan. Kasaksi jeritna ki adi waktu manggihan jasad kuring nu teu usik teu malik, jeritna tarik dipirig sit uncuing ngabangingik, ditema ngocéakna si cikal jeung si panengah , dua budak kembang buruan nu sasatna keur butuh ku kanyaah.
Haté beuki rajét ngadéngé ngajéréwétna si bungsu nu keur butuh cinyusu, asa kagandéngan tina tibra saréna. Hampura mamah anaking, lain teu nyaah ka anak sorangan, mamah geus teu kuat nandang kasusah, teu wasa ngubaran gudawangna rasa. Lir naék gunung taya nu nungtun, dina gawir nu dipalipir, dina jalan satapak nanjak nu dipapay, kuring ngarumpuyuk bari ngahégak béakkeun napas , nangtung deui, ngarumpuyuk deui , antukna ngagubrag nangkarak bengkang serah bongkokan. Rumasa hirup kasarung di laku lancung teu manggih tungtung, ka anak ngawawadian supaya hirup bener, pinter, ulah kabalinger, tapi laku diri nurustunjung euweuh nu payus dipulung. Hirup ukur diarah senangna diala genahna najan pasalia jeung susila katut agama. Sakali deui hampura mamah anaking, sagélo – gélona indung angger wé mikahayang anakna mah bener, pidu’a ti mamah sugan jeung sugan hidep mah bisa hirup dina jalan bebeng lempeng najan teu diasuh ku indung. Lampah mamah lain turutaneun, tapi pieunteungeun.
Kakeueung beuki manteng waktu tatangga datang najan teu diogan tapi nyaho tina beja nu tatalépa. Loba sémah kalah ka tugénah, loba tamu kalah ka asa kaganggu, loba batur ukur nambah tagiwur, kabéh nganaha – naha bet luluasan cenah, bari istigfar jeung babacaan sabisa – bisa. “Meni pondok pikiran nya Si Nani, ceuk urang mah mending neang deui salaki nu anyar!” ceuk Si Maman. “Kitu téa, samarukna maéhan manéh bakal nganggeuskeun masalah, padahal ku jalan kitu bakal datang masalah nu leuwih gedé!” walon Bi Uti. Gandéng siah! Hayang dijungjurigan ku aing? Aing keur hirup kungsi maranéh nulungan ngubaran kasusah? Wungkul kukulutus waktu dipénta tulung, haré –haré bari ngaléléwé dipénta bongbolongan sakapeung papaéhan tuluy ukur mikiran pangabutuh séwang– séwangan. Puguh batur mah ukur bisa ngabibisani, teu ngarasakeun kumaha peurihna ati awéwé anu sasatna dipiceun ku salaki, bari buntu laku gering nangtung ngalanglayung mikiran nyatu keur budak satilu–tilu. Gambar–gambar lampah kahirupan mangsa lawas daratang najan teu dipénta, nyampak lalaunan antay–antayan ngajak medar carita nu kungsi kalakonan, mapay raratan ingetan.
Baheula loba nu nyebut kuring geulis kawanti wanti éndah kabina-bina. Loba jajaka kabandang, loba duda anu kagémbang, hanjakal cenah kuring téh gélényé jeung lénggér, teuing ku béréhan ngalayanan kahayang lalaki buraong nu ngolo ku duit sapésér. Meureun waé kuring boga sikep kitu sabab jauh ti kolot, duanana nyiar kipayah jauh ti imah. Kurang atikan jeung kanyaah mawa kuring ka jalan sasar kabawa ku sakaba–kaba, galagah kacaahan, ngalajur napsu kabaud ku batur. Antukna ukur bisa ngahuleng ngaraga meneng waktu aya nu hirup jeroeun beuteung. Bingung nataku tumanya ka batur taya ngaku saha nu nyababkeun kuring ngandung. Hésé nyaliksik, da puguh kajadianana lumangsung waktu pogot mabok satengah gélo . Tapi nu gandang datang teu disangka–sangka, niat mélak bibit–bibit asih malar tumuwuh laju pinuh ku kembang– kembang mekar, ngubaran haté nu rajét dijejewét. Teu paduli kana diri nu geus teu matut urut pamaké batur, pajah kabungbulengan teu miroséa akal pipikiran, keukeuh hayang deukeut bari geugeut. Kang Dedi lalaki sajati, haté nu hanaang ngadak–ngadak bungangang kasimbeuhan galura trésna anu umpal–umpalan mangsa urang duaan ngambah sagara asmara babarengan. Méga–méga éndah mapaés jomantara basa akang ngajak ngawang–ngawang nincak bulan nyabak béntang. Asih Kang Dedi teuing ku suci, seungit ngadalingding mipir–mipir ati sanubari.
Dasar kuat panginditan, matih tuman batan tumbal, tadina motah kadieuna rucah, teu beunang dipikanyaah. Lir anjing kadempét, ditulungan kalah ngagaik, ngaleuleungit ka nu kungsi niat mipinding aib. Kuring kabéngbat ku Roni, si kurang ajar anu ngaku–ngaku jelema beunghar. Mémang beunghar kétang, tapi beunghar ku jalan teu halal, kadieunakeun kuring kakarak apal. Kuring sérab ku dunya barana, kabita ku harta banda. Keur kitu téh parungrum si Roni mémang édun, sanajan palsu tapi teu burung matak ngabius nu ngadangu. Kuring kabobodo ku pangolo, teu deui nolih asih ti Kang Dédi. Laju Roni resmi jadi salaki kuring, ninggalkeun kang Dedi anu bati ngaheruk bari ngégél curuk. Lian ti anak anu di luar nikah téa, ti Roni anak nambahan dua. Kakara ogé si bungsu lahir, Si Roni jalir. Jangji rék satia kalahka hayang boga pamajikan anyar. Lunta ti imah, teu basa teu carita, teuing kamana. Ngan kungsi nyarita ka tatangga, hayang ngasaan boga pamajikan parawan. Alesan ! Tada teuing ceuceubna kuring ka anjeun, Roni. Ti poé ka poé nganti sugan anjeun babalik pikir, beurang jeung peuting teu genah cicing dikukuntit kainggis, tapi beuki nganti batin beuki nyeri badis diturih hinis. Ti minggu ka minggu nyusud , tuluy suwung wungkul bisa nyuuh bari sumegruk nyoarakeun babaung silung, kocéak peura nyanyambat anjeun. Kuring gering pikir. Ceurik bari ngajerit. Haté nalangsa taya papadana marengan awak begang nu nyangsaya dina ranjang kamelang, baluweng jeung keueung nyanghareupan pikahareupeun. Maraban anak tilu, sirah jangar da hutang salaput hulu. Ku nu boga warung mindeng digelendeng, ku nu diinjeuman duit remen dibéré budi pait. Teu kuat, kuring teu kuat, tungtungna nangtang ajal supaya gancang datang. Katinggali boéh geus dipaké ngabulen bugang. Éh, geuning Kang Dedi sumping, Mapatkeun du’a téras khusyu sholat ghoib . Kang Dedi teu mupuas ka abdi? Abdi isin ku laku diri, mulang asih ku sengit, ngadon méré raheut kanu geugeut. Jeung ngiring manggul pasaran sagala, jajap ka pajaratan. Ulah Kang ! Teu pantes akang ngamumurah sorangan, teras – terasan mikaasih diri abdi, sidik abdi awéwé nu teu nyaho males budi. Nepi ka kuburan, jasad gancang dirungkup lemah. Kembang–kembang nu mawur luhureun taneuh beureum, nyarungsum talatah urusan dunya geus pareum. Pileuleuyan alam pawenangan, moal ngaleuleungit kana amis kareueut nu kungsi dibikeun ku anjeun, kahayang mah tuluy mayeng teu eureun–eureun , hanjakal kasilih ku pait nu meulit diri nyiksik ati matak milih pati.
Duh, réhé combrék bari poék sanggeus tujuh léngkah nu nganteur mulang ninggalkeun kuring sorangan. Sugan jeung sugan kahayang nyorang genah moal nogéncang, matak milih pati gé geus sanggeuk ngeukeuweuk karudet. Saha éta? Dua mahluk pikasieuneun, pikagimireun, ujug–ujug datang teuing timana jolna bari neuteup seukeut bangun geuleuh. Geuleuh kunaon? Rék nanahaon? Kuring boga dosa naon? Ngadak- ngadak awak ngadégdég dibarung sebér. Éta dua mahluk tuluy nyampeurkeun, beuki deukeut, beuki deukeut.*** (Blok Mumunggang Desa Ciranjeng, Kab. Majalengka)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar