Selasa, 29 Oktober 2013

Mapag semah Komunitas Iket Sunda Majalengka



MAPAG TATAMU DINA MULASARA IKET SUNDA

Assalamualaikum Wr. Wb.  Sampurasun.
Nu ku simkuring dipihormat Ais pangampih ti dinas kabudayaan Kab Majalengka Kang Rahmat Iskandar, Girang Rumpaka pupuhu Komunitas Iket Sunda ti puseur dayeuh Kang Agus Roche Distrosunda anu dina danget ieu diwakilan ku Kang Andi Rustandi Sunarya, kang Marzuki Latif, kang Rudi Dimyana sareng ku kang Tantan Nurtaniawan.
Hormateun simkuring para Inohong para Nonoman Komunitas Iket Sunda  ti wewengkon Kuningan, ti wewengkon Galuh Ciamis, ti wewengkon Pangandaran sareng ti wewengkon Jatayu Bandung,
Hormateun simkuriang pupuhu kasundaan ti Paguron Gajah Putih bp H. Omo, abah Iwik sarengrenganana, pupuhu kasundaan Karinding nyengsol ti Galuh Ciamis, Karinding Maung Lugay ti Jatipamor Majalengka sareng pupuhu Calung gandrung sagunung ti Desa Ciranjeng.
Oge teu hilap hormateun simkuring wadia balad baraya Iket Sunda Majalengka nu teu dipilah pilah.

Mitembeyan biantara sim kuring asmana Payasa anu ngageugeu di ieu tempat seja ngahaturkeun sapuruluk salam silaturahmi, ngabageakeun wilujeng sumping ka para inohong para nonoman anu sami-sami mikacinta mikatresna sareng mulasara ieu iket, simkuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah kagiri giri bingah amarwata suta bingah nu teu aya wates wangenna rehna dina danget ieu urang sadaya tiasa ngariung patepung lawung patepang raray paamprok jonghok sareng baraya sunda sapapajaran dina raraga silaturahmi Komunitas Iket Sunda wewengkon Majalengka.
Para wargi baraya sadayana, menggah pamaksadan baraya Iket Sunda wewengkon Majalengka teu aya sanes, kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, jauh dijugjug, anggang diteang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan deui carita anu baheula nu kungsi dipake ku Nini Aki nyaeta mulasara iket warisan karuhun urang sarerea, pamugi mugi kunanjeurna komunitas iket sunda di wewengkon Majalengka, urang tiasa rempug jungkung sauyunan sabobot sapihanean, kadarat jadi salebak kacai jadi saleuwi, urang tiasa silih asah silih asih silih asuh jeung silih talingakeun moro udagan nu jadi panyileukan geusan ngaraketkeun duduluran nu dibeungkeut ku ieu iket, sanajan hargana murah tapi merenah dina sirah moal gampang jalma bisa ngajamah komo deui lamun anu makena eta semah.
Para wargi baraya Iket Sunda satatar pajajaran, anu kadua hapunten anu kasuhun bilih dina panampianana aya nu kagitik ku pangatik aya ucap tekad lampah anu kirang merenah, bilih dina tata titina dina tindak tandukna kirang duduga peryoga, dina bema tatakramana teu ngawirahma oge dina basa basina ngan saukur dirarampa sugan kitu meureun kieu tangtu seueur silung sareng sumbangna teu puguh entep seureuhna taya pulunganeunana, sakali deui  hapunten anu kasuhun neda jembar hampura anu diteda.
Atuh anu katilu ieu mah etang-etang tilam kaasih pangrojong kurasa sono, tambi lengoh kalempohan tamba mulang ngalongkewang, sasieureun sabeunyeureun  sarebuk samerang nyamu, pecah belah lalab rumbah mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah sareng  kadeudeuh nu di iring ku kawih asih, disulam dina permadani cinta diipuk na jajantung, balabuhna dasar katineung gupay kelar eunteupna geugeut kameumeut mangkak ligar katresna di taman hate, simkuring sakulawargi seja ngabageakeun nyanggakeun lalawuh saaya-aya balakecrakan tanda kabagjaan urang sarerea pamugi katampi ku manah anu marahmay.
Para wargi baraya iket satatar pasundan,  rupina sakitu nu kapihatur, sakali deui neda ageung cukup lumur neda jembar hampura anu diteda, dipungkas ku beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, pamugi urang sadaya nu aya di ieu tempat ditebihkeun tina marganing balai  dianggangkeun tina sagala gogoda disarengan kuluhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
Sakitu nu kapihatur, naek sado ka leuwi panjang kudana abrut abrutan, Pidato ulang panjang-panjang ieu patuangan tos kukurubukan.
Wabilahi taufik walhidayah Wass wr wb. Rahayu, rahayu, rahayu.



1 komentar: