Selasa, 27 Januari 2015

Kahayang nu can kasorang

      Kang Oman nu kasép, nu tangtuna geus pangalaman meruhkeun hate awéwé. Tong waka ku dunyana, dalah ukur ku usapan ramona nu pinuh geter rasa, awak asa kokoléaban kabawa caah. Kabandang kana sagara nu asa karek ayeuna kaanjangan. Cimata saat, kalangkang Ema, Bapa jeung si Inok si bungsu samar-samar tinghayungkung dina reup brayna lampu kamar. Peuting nu panas jeung peteng na haté kuring, dengdem jeung kanyeri nyamuni dina rénghap nu beurat... pegat-pegat. Tapi peuting tadi can sampurna.


     Panonna nu liuh, kana biwirna nu ngarenyu. Dikeukeupan, dirungrum, diajak ngapung ngawang-ngawang ku manéhna tadi peuting, diusapan buuk basa keur nyegruk ceurik, disimbutan basa morongkol katirisan ku hawa AC. Asa manggih rasa nu matak ting sérédét. Kanyaah téa kitu? Atawa mémang kabiasaanana keur nyombo jeung ngawurkeun léléwa asmara sageprakan? Boa kuring jol bogoh? Love at the first sight? Enya kitu? Bogoh pédah beunghar... pédah kasép, atawa pédah geus sanggup ngahéabkeun sakujur awak ku motahna galura birahi? Da geuningan ayeuna hayang, manéhna aya manehna nyampak hareupeun kuring, ulah kaluar ti ieu kamar. Hayang dirungrum, hayang nyacapkeun nu tadi peuting can sampurna.... Lat poho mun kamari hayang  balik, padahal nu mesen lotek mah geus ngagimbung hareupeun warung.. (hatur lumayan muyarkeun panglamunan)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar