Selasa, 27 Januari 2015

Rambisak kaheman



Rambisak nu mawa bagja (disadur sakahayang ku Payasa)

Bandung 27 Desember 1984
Kahatur Abah sinareng Ambu
di
Lembur
 
Assalamualaikum.. wr.. wb
Abah, Ambu... teu suka eneng mah hirup dikikieu ku salaki, majar mun geus kawin mah bakal dipikanyaah, nyatana mana..? mere duit ku merena keur balanja, tapi ari dahar menta keneh ka neng...? ongkoh dipangmeulikeun baju nu aralus jeung nu marahal tapi naha ari rek sare tara meunang make baju, naha teu sieun asup angin..?
Waktu sare karek ge reup rek tibra geus ditindihan, bari kawas ucing ungas ingus sagala diletakan jeung dilamotan jiga nu ulah weh nempo pamajikan tibra sare teh, kacugak kucucuk nu leutik oge sakitu nyeurina komo ieu cucuk anu leuwih gede jeung panjang bari hayoh weh didedet-dedet, duuhhh... nasib..!!!
Ayena geus boga anak, nyatana kalakah leuwih nyaah ka anak, ari nempo calana anak morosot geuwat diangsrodkeun, naha ari ka eneng, sakitu calana eneng bener oge hayooohh diporosot porosotkeun. Lamun balik gawe sok tuluy  ka imah, anak mah ngeunah dibere duit keur jajan ari eneng kalakah dikerem dikamar bari nitah muka baju terus nindihan bari ngadedet-dedet sagala dirampa jeung eta we sasaranna teh nyocokan parabot kiih neng.
Nukitu disebut nyaah ka pamajikan? Nu pang anehna mah jiga nu kurang nyusu keur orokna baheula eta salaki teh, dugi ka ayeuna terus weh ngagenyolan kana susu neng, karunya budak beakeun. Tah kitu Abah Ambu  kalakuan salaki neng teh, ngan neng teh tara loba garah geureh bisi pundung heug teu daekeun deui ka neng.
 
Wassalam Eneng di kota

Tidak ada komentar:

Posting Komentar