Senin, 26 Januari 2015

Makna sawer panganten ditatar Sunda



HARTINA SAWER DINA MUNGKAS PAGELARAN
Diulas sakahayang ku Payasa

Sawer rakitan deuheus tina “...Samikeun wiwaha aranjeun.....”ngaguar alat-alat sawer anu intina ngatik jeung ngadidik panganten sangkan nyaho kana palanggeran rarabi. Urang ringkeskeun wae maksudna silib dina alat sawer ieu.

1.Beas => Bener asih. Moal aya manusa anu mibanda asih sajati kalawan bener lamun lain niat pikeun nyungsi kaasih Illahi.

2. Gula => Gugon enggoning kumawula marga hakekatna kumawula ka Gusti nu maha asih.

3. Koneng => komara sing nenggang, kudu upaya pikeun ngangkat darajat diri, kulawarga bangsa jeung nagara sangkan mibanda wibawa jeung komara anu nenggang beda tinu lian.

4. Lepit => lemah pitempateun kudu bisa nempatkeun diri jeung nempatan pitempateun tur tatapakan hirup.

5. Endog => lain kudu ditinacak tapi nandakeun geus manjing jadi bibit. Nu kudu sanggup jadi tunggul rahayu jeung catang darajat.

6. Harupat => hartina hirup ning atma, kudu sanggup ngolah rasa jeung jiwa sangkan apal kana jumlah atma jeung lelembutan manusa, nepi ka sanggup ngawasa diri. Ulah dikawasa ku napsu temahna poho kana diri.

7. Kendi => Kena ing dangiang dina harti kudu napak dina tatapakan hirup sangkan ringkang aya dangiang tur sanggup ngarengsekeun pirang-pirang masalah ngungkulan haeubna zaman.
8. Buluh => biasana tina tamiang sarta mangke dipake panyipat beas. Rakitan deuheus tina “....buka ku kaluhungan budi akal jeung pikiran....”. Silib, sindir, siloka, sasmitha kudu nepi ka nyerep kaharti ku pikir sangkan teu jadi bugang dina rumingkang. Samalah kudu sanggup ngayonan rungkang ringkang. Ngarengsekeun dalapan rungkang ringkang salila hirup masih kumelendang.

9. Hanjuang => Handaru juang. Hirup kudu handaruan nepi ka dipiserab jeung diajenan. Berjuang sing handaruan, kudu nepi kanu dimaksud jeung dituju. Sabab taya hartina hiji perjuangan lamun teu ngahasilkeun hiji hasil nu mucekil kaala manfaatna keur bangsa reujeung nagara.

Tah alat sawer ieu biasana dipake tumpeng puncak manik dina acara ritual pamungkas atawa “Tumbas”. Lamun budak lahir biasana aya kendi anu dicoreng ku apu. Eta kendi urut nyawer indung bapana, jadi ulah dipeupeuskeun, kudu aya nepi ka bugang pamungkas kendi kakara marengan kuburan.

Dimana pungkas umur ajal perlaya. Kendi biasana jadi tanda lemah pamungkas atawa kuburan jajaka. Sedeng buluh anu dipake panyipat beas jadi tanda lemah pamungkas atawa kuburan wanoja.

Sakitu nu kapihatur mugia ginulur karahayuan ginanjar karaharjaan, beber layar poe anyar lulus banglus ginuluran mugia urang sadaya ditebihkeun tina marganing balai dianggangkeun tina sagala gogoda disarengan kuluhur kuta gede dunya jatnika sapapaosna. Amiin.








Tidak ada komentar:

Posting Komentar